Selamat Hari Raya Idul Fitri Mohon Maaf Lahir Batin
Selamat Hari Raya Idul Fitri Mohon Maaf Lahir Batin
Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)
Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Komplit (Falcon App)

Belum punya gamenya? Download dulu di Google Play!


Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Komplit
Tatarucingan Sunda

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Versi 2 (Terbaru)

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 1

1. Basa sopan na pangambung naon?
Jawaban: Rorompok Korong

2. Bangku naon anu bisa didahar?
Jawaban: Bangkuang

3. Di tengah pasar aya naon?
Jawaban: Huruf S

4. Dicapit maju, teu dicapit cicing.
Jawaban: Sendal Capit

5. Nu di akod maju, ari nu ngakod cicing.
Jawaban: Pancuran

6. Naon anu aya di akhir zaman?
Jawaban: Huruf N

7. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
Jawaban: Ganas

8. Jalma modol bari naon?
Jawaban: Barijil

9. Diudag lumpat, didagoan cicing.
Jawaban: Kalangkang

10. Oray hejo panonna loba.
Jawaban: Peuteuy
11. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
Jawaban: Kertas

12. Sapi naon anu bau?
Jawaban: Sapiteng

13. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
Jawaban: Kalangkangna

14. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
Jawaban: Turunna

15. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
Jawaban: Tukang Maok

16. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.
Jawaban: Seupah

17. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
Jawaban: Piring Bolong

18. Palu naon anu bisa pidato?
Jawaban: Pa Lurah

19. Aya buah melon dibolongan, terus diasupan es batu, dikocok-kocok, terus digorolongkeun. Jadi naon tauh?
Jawaban: Jadi Jauh

20. Lauk naon anu panona loba?
Jawaban: Lauk Sakilo
21. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
Jawaban: Ku Sendok

22. Lauk naon anu bisa hiber?
Jawaban: Lauk Indosiar

23. Pare naon anu teu ngeunah?
Jawaban: Parea Rea Ngomong

24. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
Jawaban: Sapiderman

25. Lima kali sabaraha anu eusina 17?
Jawaban: Lima Kali Solat

26. Boga dua suku, buluan, pamatukna jiga hayam, sukuna jiga hayam, tapi... awakna leuwih leutik ti hayam. Pokona jiga hayam weh. Naon cik???
Jawaban: Anak Hayam

27. Kaayaan keur poek pareum lampu. Aya lilin jeung obor. Mana nu tiheula dihurungkeun?
Jawaban: Korek Api

28. Dicekek beuheungna, dieleketek beuteungna.
Jawaban: Gitar

29. Geus dipotong ge anggeur we... disebutna panjang. Naon tah???
Jawaban: Kacang Panjang

30. Jalma meuli kasur keur naon?
Jawaban: Keur Beunta
31. Hideung, leutik, bahaya.
Jawaban: Sireum Napel Dina Bom

32. Dicabak aya dilieuk euweuh.
Jawaban: Ceuli

33. Lamun diucapkeun sakali jauh, lamun diucapkeun dua kali jadi deukeut. Naon tah???
Jawaban: Langit

34. Batu naon anu teu aya di cai?
Jawaban: Batu Garing

35. Bumbu dapur anu sahuruf naon?
Jawaban: U yah

36. Hurup naon anu ngeunah?
Jawaban: Nya T

37. Sato naon anu sahuruf???
Jawaban: I Kan

38. Di luar hujan angin, di WC hujan naon?
Jawaban: Hujan Heujeun

39. Cau naon anu bisa hirup di jeuro laut???
Jawaban: Cumi Cumi

40. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
Jawaban: Peureum
41. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
Jawaban: Kaktus

42. Cik ieu naon! Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
Jawaban: Toge

43. Lamun dahar hirup, tapi lamun nginum paeh.
Jawaban: Seuneu

44. Aya di Indonesia, aya di Tasikmalaya, aya di Ciamis, aya di Sukabumi, aya di Cianjur, tapi euweuh di Garut. Naon cik?
Jawaban: Huruf i

45. Ditakol nyendol, teu ditakol nyendol.
Jawaban: Goong

46. Nangkub dieusi, nangkarak kosong.
Jawaban: Kopeah

47. Di tengah sawah aya naon?
Jawaban: Huruf w

48. Di luhur bodas... di handapna koneng. Naon tah?
Jawaban: Pocong nincak tai

49. Diajak dahar kalah naek?
Jawaban: Tukang gali sumur

50. Maju eleh, mundur meunang.
Jawaban: Tarik Tambang
51. Sukuna hiji, panon tilu.
Jawaban: Lampu Stopan

52. Kaca naon anu nyeri?
Jawaban: Kacabok

53. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
Jawaban: Obat nyamuk

54. Asupna tarik, kaluarna laun.
Jawaban: Leho

55. Ucing ngising muru naon?
Jawaban: Murungkung

56. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
Jawaban: Hayam leungit

57. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
Jawaban: Bebegig

58. Baso dibalikeun jadi naon?
Jawaban: Bahe

59. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
Jawaban: Buahenol

60. Buah naon anu tara diala?
Jawaban: Buah murag
61. Kasur naon anu matak nyeri?
Jawaban: Kasura

62. Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
Jawaban: Kadongdong

63. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
Jawaban: Kareta Api

64. Bisa naek, tapi teu bisa turun.
Jawaban: Haji

65. Udin teh bapana si Adun. Jadi Udin teh .... bapana si Adun.
Jawaban: Ngaran

66. Kaca naon anu pangbeuratna?
Jawaban: Kacalikan gajah

67. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
Jawaban: Manuk anu katincak

68. Ngaran jelema anu pang pondokna naon?
Jawaban: Samili

69. Sato naon anu sukuna dina sirah, awakna dina sirah?
Jawaban: Kutu

70. Lamun bodas disebut kotor, tapi hideung disebut bersih.
Jawaban: Papan tulis
71. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
Jawaban: Kacamata

72. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
Jawaban: Korong

73. Hayam naon anu teu bisa lumpat?
Jawaban: Hayam Goreng

74. Diasupkeun kalah kaluar?
Jawaban: Kancing

75. Cing pangmacakeun (Paha Ayam + 234 + Din)
Jawaban: Pa Haji Samsudin

76. Gajah tumpak beca, gede naona?
Jawaban: Bohongna

77. Asup tina beuteung, kaluar tina tonggong?
Jawaban: Tai Sugu

78. Dahareun naon anu ngarana jeung warnana disebut sarua?
Jawaban: Coklat

79. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah.
Jawaban: Setandar

80. Sato naon anu bisaeun mundur?
Jawaban: Sato nu nukangan tembok
81. Bujur ka kaler, hitutna kamana?
Jawaban: Kaambeu

82. Bensin ngan saliter, dicampuran naon meh motor bisa dipake jauh ngurilingan Pulau Jawab?
Jawaban: Campur dorong

83. Bisa turun, tapi teu bisa naek?
Jawaban: Hujan

Kode Kanggo Lebet ka Lepel 2: tatarucingan

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 2

1. Misi: Ngala awi, terus teangan ucing, terus hayam, balik ka imah.
Jawaban: Patani

2. Hiji awak, 2 nyawa saha tah?
Jawaban: Istri hamil

3. Leutik di China, gede di Arab, cik naon?
Jawaban: Hurup A

4. (Gambar sawah + an + kotak)
Jawaban: Kotakan Sawah

5. Gajah naon anu tulalena pendek???
Jawaban: Gajah Pesek

6. Kuring teu boga jangjang, tapi bisa hiber... teu boga indung, tapi disebat anak. Boga buntut, oge huluan. Buntut kuring pendek, kadang oge buluan. Buntut kuring sok diceukeulan ku jelema nu keur ngintip-ngintip. Naon tah?
Jawaban: Anak panah

7. Nu palsu laku, ari nu asli teu laku. Cik naon???
Jawaban: Huntu palsu

8. Kuring reueus jadi 6 9 26 13 20 8 6 13 23 26. Rumus a=26, 1=z.
Jawaban: Urang Sunda

9. Bis naon lamun didiukan nyeuri???
Jawaban: Bisul

10. Mun gajah jadi hayam, maung jadi hayam, ucing jadi hayam, terus hayam jadi naon???
Jawaban: Jadi loba
11. bi + ngan + sa + lu
Jawaban: Sabilulungan

12. (Gambar Lampu Setopan)
Jawaban: Kuring Kerang Kerung

13. Saha nu motongan buuk hampir tiap poe... tapi teu beak-beak buukna???
Jawaban: Tukang Cukur

14. Jalma naon lamun ngojay terus teuleum, tapi buukna teu baseuh???
Jawaban: Jalma Botak

15. Naon sinonim tina kata bangor anu mimiti hurupna sarua hurup b???
Jawaban: Badeur

15. (Gambar)
Jawaban: Jawa Barat

16. Saha jalma anu hasil karyana sok ditincak-tincak ku batur, tapi teu ngambeuk ???
Jawaban: Tukang Nyieun Sendal

17. Jalan asupna ngagunakan hiji liang gede, saangeus asup kabagi jadi 5 jalur, jeung euweuh jalan kaluar... salianti jalan na mundur. Naon tah?
Jawaban: Sarung Tangan

18. Cik aya sabaraha hiji warna hejo?
Jawaban: Sapuluh

19. 4. yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokokna paroek jeng loba begal.
      5. Lamun aya jalma peting-peting liwat kadinya ceuk beja sok dicegat garong/begal.
      2. Jaman baheula dihiji tempat.
      1. Lamun henteu diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
      6. Kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya.
      3. Pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong.
Jawaban: 264531

20. Gambar TV, Rusa + K (Gambar)
Jawaban: TV Rusak
21. Teangan Jalan, Kumpulkeun Hurup (Gambar)
Jawaban: Bahasa Sunda

22. Naon nu kabaca? (Gambar)
Jawaban: Lift

23. Cik naon anu sok naek-turun di handapeun bujal?
Jawaban: Sleting

24. Cik teraskeun ieu Papatah Kolot, ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah....
Jawaban: Micarek

25. Manehna ngagaduhan seeur waos, mun ngegel teu karasa nyeuri, malahan mah raos, karesepna ngagesek-gesek, manehna oge resep ngeunteng kana kaca. Cik naon tah?
Jawaban: Sisir

26. Aya beus Jakarta-Bandung ngamuat 32 orang, taripna 100rb/orang. Saatos diitung-itung... artos nu kakumpul teh totalna kur 3 juta. Cik saha nu can mayar?
Jawaban: Supir jeung Kenek

27. Nu ngajieuna teu butuh, nu meulina teu make, nu makena teu pesen. Naon tah???
Jawaban: Batu Nisan

28. Ular, Bis, Kucing (Gambar)
Jawaban: Bucat Bisul

29. Di Maribaya manehna kungsi nyarita ceunah asih ngarandakah jeung deudeuhna najan angin nu lirih leuih datangna arek langgeng manehna neundeun cintana di Maribaya manehna serah teuteupan ....... nyuuh pasrah renghap satekadan. (Eusian titik-titik koneng di luhur.)
Jawaban: Nyukcruk

30. Mun dikocok bodasna henteu kaluar, tapi mun dipencet mah kaluar. Naon tah?
Jawaban: Odol
31. Cik susun jadi kata nu dimaksud, saluyu jeung gambar (kereta, parasut, dasi)
Jawaban: Tarasi

32. Mun di jero imah awet, tapi mun di luar imah jadi abu. Cik naon tah???
Jawaban: Rokok

33. Buleud, warnaan, gendut... mun hitut jadi begang ???
Jawaban: Balon

34. (Gambar)
Jawaban: Kadaharan Sato

35. Biasana warna na hideung. Tapi tiap 7 poe sakali manehna robah warna jadi beureum. Cik naon tah.
Jawaban: Kalender

36. Budak nu teu nurut ka kolot disebut naon ??? (tanya ka kolot anjeun)
Jawaban: Basangkal

37. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Tai cak-cak ninggang huntu lila-lila mah .... (eusian titik-titik di lluhur anu pas merenah).
Jawaban: Dilebok

38. (Gambar botol sirup + sa + ayunan)
Jawaban: Hirup Sauyunan

39. Dibuka kulitna aya sikian jeung buluan, digegel sikina aya batangan. Naon tah ???
Jawaban: Jagong

40. Tebak gambar = mobil + tutut (tu=bu)
Jawaban: Mobil Butut
41. Mun kotak dibalik jadi naon ???
Jawaban: Katok

42. Cik naon nu kabaca dina gambar di gigir ??? (Gambar)
Jawaban: Liar

43. (Gambar yang harus dilihat dengan cermin)
Jawaban: Laleur Mapay Areuy

44. Itu kusir bangun ambek-ambek teuing, turun tina delman kuda dipecutan tarik teu aya pisan ras-rasan. Pupuh naon?
Jawaban: Maskumambang

45. (Gambar)
Jawaban: Hayang Kawin

46, Waktu hirup dinyanyian pas paeh dikeprokan. Naon tah ???
Jawaban: Lilin Ulang Taun

47. Lamun 4 hurup kuring teh dahareun, nu asalna ti laut terus digaringkeun. Mun 3 hurup kuring aya hubungana jeung ibu-ibu nu nyusuan. Mun 2 hurup kuring jadi singkatan ngaran salah sahiji negara. Mun sahurup kuring kaasup hurup vokal.
Jawaban: Asin

48. (Gambar)
Jawaban: Jurig Jarian

49. Uding kenging hadiah ti babaturan lamina pas maneh na ulang taun.
Tapi pas ditarima eta hadiahna langsung ditajong. Kira-kira naon eusi hadiahna ???
Jawaban: Bal Sepak

Kode Kanggo Lebet ka Lepel 3: tarsunmodern

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 3

1. Kamus Inggris - Sunda: Don't hariwang Gusti Allah pasti nangtayungan everytime jeung everywhere. Naon Bahasa Inggrisna "nangtayungan"
Jawaban: Protect

2. Tebak Gambar: Saklar + Combro + Ban + Kerudung
Jawaban: Oncom Bandung

3. Tebak Gambar: Ucing + Mobil (Inggris) + Mata
Jawaban: Cingciripit

3. Anjeung ningali orang China keur dahar mie ayam pake naon ???
Jawaban: Panon

4. Cirina panjang jeung lonjong, aya 6 hurup (K....L)
Jawaban: Kapsul

5, Bahasa Jepangna: Teu boga duit.
Jawaban: Sakurata

6. Hayam naon anu sok ngendog di handapeun jembatan ???
Jawaban: Hayam Bikang

7. Kata naon nu kudu dicatet di kode soal: TarSun2017 di lepel 2 ???
Jawaban: Ngamumule Bahasa

8. Kasur mun dibalik jadi ???
Jawaban: Rusak

9. Diputer kalah nangtung ???
Jawaban: Lipstik

10. Ditincak teu nyeri-nyeri acan, tapi leumpang bisa jadi jengke. Naon tah ???
Jawaban: Tai Kotok
11. Dipotong teh kalah beuki panjang. Cik naon tah? (Karpet + Gelang)
Jawaban: Karet Gelang

12. Kuring boga 2 sungut, nu hiji sungutna badag, eta keur kuring. Nu hiji sungutna leutik, eta keur batur. Naon kuring teh?
Jawaban: Teko

13. "Itu saha dunungan nu nungtun munding digantelan geuning ku saputangan, itu saha dunungan ku ginding teuing sing horeng mah aduh geuning jungjunan" Sapenggal lirik tina lagu?
Jawaban: Es Lilin

14. Tebak gambar = Beurit (Tikus) + Truk
Jawaban: Tikusruk

15. Manuk naon anu panggagahna ???
Jawaban: Manuk Dadali

(Bersambung)

Postingan Terbaru


Komentar

  1. Error euy aplikasina dugi ka Lepel 3, soal 15. Jadi teu tiasa muka lepel 4 da teu terang kodena. Mangga ah.

    BalasHapus
  2. Balasan
    1. Cikan bahasa cina na domba leupas naon level 3 ???

      Rek ngetes nu geus ka lepel 4 jeung 5 teh

      Hapus
    2. Bahasa inggrisna nangtayungan naonnya?

      Hapus
  3. Jawaban level 4 no 27 ????????

    BalasHapus
  4. Error aplikasina, namung dugi ka Lepel 3. Upami kersa nga-share kode ka Lepel 4 omah engke dilajeng ku Aa :-)

    BalasHapus
  5. Kang,ieu kode kanggo leher Ka level 4: baraya sunda

    Diantos jawabanna

    BalasHapus
  6. manawi terang jawaban lev5 bahasa koreana bujur aratel...

    BalasHapus
  7. wa mna dei ieu kunci jawaban na..?? 345

    BalasHapus
  8. jawaban level 4 no 2 naon ..cik waler nu trg

    BalasHapus
  9. Kata naon nu kudu dicatet Di kode tarsun2017 level 2?

    BalasHapus
  10. Kang bde tumaros paha+234+ Din ... Hartos na pa haji tras Nn deui?

    BalasHapus
  11. Ari bahasa cina na teu apal jalan nn eyy

    BalasHapus
  12. Panjang,oge buluan,digeol geol ngabuciay bodas cik naon

    BalasHapus
  13. Ujung NU hiji baseuh, ujung NU lainna kaduruk??

    BalasHapus
  14. Lucu WA mana level 3 na resep ih

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sabar nya ieu nembe dimimitian deui ti lepel 1, nu kapungkur tos kahapus aplikasina...

      Hapus
  15. Bahasa singkatna "teu sopan ka kolot" naon nya level 4?

    BalasHapus
  16. Gajah naon anu pang badagna?

    Naon ey jawabanna

    BalasHapus
  17. Ngadungkuk hideung di bukakeun bereum di tojos aw.
    Naund wa euy jawabanna

    BalasHapus
  18. Lvl 4 urutkeun cara nyieun lodeh waluh

    BalasHapus
  19. Kacang naon anu eweh kulitna? Naon jawabana euy

    BalasHapus
    Balasan
    1. waduh, abdi teu terang.... upami aya nu terang mangga diinpokeun... nuhun.

      Hapus
  20. Benda naon anu di potong kalah ngaluhuran ?

    BalasHapus
  21. Naon kapanjangan tina KLM ??? Naon atuh euy liyeur neanganna

    BalasHapus
  22. Panjang Oge buluan di geol geol ngabuciyay bodas cik naon..info na

    BalasHapus
  23. Tukang naon NU sok jejengkean.level4.

    BalasHapus
  24. Naon bahasa jepangna geus teu boga aki

    BalasHapus
  25. Gaduh kunci jawabana? Cing bagikeun di kolom komentar ieu... nuhun pisan.

    BalasHapus
  26. Boga tatarucingan anyar? Bagikeun di dieu nya, nuhun pisan.

    BalasHapus
  27. Saha nu masih resep mainkeun game ieu di tahun 2024? Ayo ngacung...

    BalasHapus

Posting Komentar

Rekomendasi