Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)
Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 1 (Falcon App)

Belum punya gamenya? Download dulu di Google Play!

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 1


Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda
Tatarucingan Sunda
1. Basa sopan na pangambung naon?
Jawaban: Rorompok Korong

2. Bangku naon anu bisa didahar?
Jawaban: Bangkuang

3. Di tengah pasar aya naon?
Jawaban: Huruf S

4. Dicapit maju, teu dicapit cicing.
Jawaban: Sendal Capit

5. Nu di akod maju, ari nu ngakod cicing.
Jawaban: Pancuran

6. Naon anu aya di akhir zaman?
Jawaban: Huruf N

7. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
Jawaban: Ganas

8. Jalma modol bari naon?
Jawaban: Barijil

9. Diudag lumpat, didagoan cicing.
Jawaban: Kalangkang

10. Oray hejo panonna loba.
Jawaban: Peuteuy
11. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
Jawaban: Kertas

12. Sapi naon anu bau?
Jawaban: Sapiteng

13. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
Jawaban: Kalangkangna

14. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
Jawaban: Turunna

15. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
Jawaban: Tukang Maok

16. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.
Jawaban: Seupah

17. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
Jawaban: Piring Bolong

18. Palu naon anu bisa pidato?
Jawaban: Pa Lurah

19. Aya buah melon dibolongan, terus diasupan es batu, dikocok-kocok, terus digorolongkeun. Jadi naon tauh?
Jawaban: Jadi Jauh

20. Lauk naon anu panona loba?
Jawaban: Lauk Sakilo
21. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
Jawaban: Ku Sendok

22. Lauk naon anu bisa hiber?
Jawaban: Lauk Indosiar

23. Pare naon anu teu ngeunah?
Jawaban: Parea Rea Ngomong

24. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
Jawaban: Sapiderman

25. Lima kali sabaraha anu eusina 17?
Jawaban: Lima Kali Solat

26. Boga dua suku, buluan, pamatukna jiga hayam, sukuna jiga hayam, tapi... awakna leuwih leutik ti hayam. Pokona jiga hayam weh. Naon cik???
Jawaban: Anak Hayam

27. Kaayaan keur poek pareum lampu. Aya lilin jeung obor. Mana nu tiheula dihurungkeun?
Jawaban: Korek Api

28. Dicekek beuheungna, dieleketek beuteungna.
Jawaban: Gitar

29. Geus dipotong ge anggeur we... disebutna panjang. Naon tah???
Jawaban: Kacang Panjang

30. Jalma meuli kasur keur naon?
Jawaban: Keur Beunta
31. Hideung, leutik, bahaya.
Jawaban: Sireum Napel Dina Bom

32. Dicabak aya dilieuk euweuh.
Jawaban: Ceuli

33. Lamun diucapkeun sakali jauh, lamun diucapkeun dua kali jadi deukeut. Naon tah???
Jawaban: Langit

34. Batu naon anu teu aya di cai?
Jawaban: Batu Garing

35. Bumbu dapur anu sahuruf naon?
Jawaban: U yah

36. Hurup naon anu ngeunah?
Jawaban: Nya T

37. Sato naon anu sahuruf???
Jawaban: I Kan

38. Di luar hujan angin, di WC hujan naon?
Jawaban: Hujan Heujeun

39. Cau naon anu bisa hirup di jeuro laut???
Jawaban: Cumi Cumi

40. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
Jawaban: Peureum

41. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
Jawaban: Kaktus

42. Cik ieu naon! Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
Jawaban: Toge

43. Lamun dahar hirup, tapi lamun nginum paeh.
Jawaban: Seuneu

44. Aya di Indonesia, aya di Tasikmalaya, aya di Ciamis, aya di Sukabumi, aya di Cianjur, tapi euweuh di Garut. Naon cik?
Jawaban: Huruf i

45. Ditakol nyendol, teu ditakol nyendol.
Jawaban: Goong

46. Nangkub dieusi, nangkarak kosong.
Jawaban: Kopeah

47. Di tengah sawah aya naon?
Jawaban: Huruf w

48. Di luhur bodas... di handapna koneng. Naon tah?
Jawaban: Pocong nincak tai

49. Diajak dahar kalah naek?
Jawaban: Tukang gali sumur

50. Maju eleh, mundur meunang.
Jawaban: Tarik Tambang
51. Sukuna hiji, panon tilu.
Jawaban: Lampu Stopan

52. Kaca naon anu nyeri?
Jawaban: Kacabok

53. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
Jawaban: Obat nyamuk

54. Asupna tarik, kaluarna laun.
Jawaban: Leho

55. Ucing ngising muru naon?
Jawaban: Murungkung

56. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
Jawaban: Hayam leungit

57. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
Jawaban: Bebegig

58. Baso dibalikeun jadi naon?
Jawaban: Bahe

59. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
Jawaban: Buahenol

60. Buah naon anu tara diala?
Jawaban: Buah murag
61. Kasur naon anu matak nyeri?
Jawaban: Kasura

62. Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
Jawaban: Kadongdong

63. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
Jawaban: Kareta Api

64. Bisa naek, tapi teu bisa turun.
Jawaban: Haji

65. Udin teh bapana si Adun. Jadi Udin teh .... bapana si Adun.
Jawaban: Ngaran

66. Kaca naon anu pangbeuratna?
Jawaban: Kacalikan gajah

67. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
Jawaban: Manuk anu katincak

68. Ngaran jelema anu pang pondokna naon?
Jawaban: Samili

69. Sato naon anu sukuna dina sirah, awakna dina sirah?
Jawaban: Kutu

70. Lamun bodas disebut kotor, tapi hideung disebut bersih.
Jawaban: Papan tulis
71. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
Jawaban: Kacamata

72. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
Jawaban: Korong

73. Hayam naon anu teu bisa lumpat?
Jawaban: Hayam Goreng

74. Diasupkeun kalah kaluar?
Jawaban: Kancing

75. Cing pangmacakeun (Paha Ayam + 234 + Din)
Jawaban: Pa Haji Samsudin

76. Gajah tumpak beca, gede naona?
Jawaban: Bohongna

77. Asup tina beuteung, kaluar tina tonggong?
Jawaban: Tai Sugu

78. Dahareun naon anu ngarana jeung warnana disebut sarua?
Jawaban: Coklat

79. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah.
Jawaban: Setandar

80. Sato naon anu bisaeun mundur?
Jawaban: Sato nu nukangan tembok
81. Bujur ka kaler, hitutna kamana?
Jawaban: Kaambeu

82. Bensin ngan saliter, dicampuran naon meh motor bisa dipake jauh ngurilingan Pulau Jawab?
Jawaban: Campur dorong

83. Bisa turun, tapi teu bisa naek?
Jawaban: Hujan

Kode Kanggo Lebet ka Lepel 2: tatarucingan

(Bersambung) 

Postingan Terbaru


Komentar

Rekomendasi