Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)
Kunci Jawaban TTS Asah Otakmu Indoesia Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Kunci Jawaban Tebak Siapakah Aku Kunci Jawaban Tebak Gambar Komplit (Jams Studio) Kunci Jawaban Tebak-tebakan 2020 - Tebak Kata (Jams Studio) Kunci Jawaban Asah Otak Tebak Siapa Aku (KeySurya)

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 2 (Falcon App)

 Belum punya gamenya? Download dulu di Google Play!

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda
Tatarucingan Sunda

Kode Kanggo Lebet ka Lepel 2: tatarucingan

Kunci Jawaban Tatarucingan Sunda Lepel 2

1. Misi: Ngala awi, terus teangan ucing, terus hayam, balik ka imah.
Jawaban: Patani

2. Hiji awak, 2 nyawa saha tah?
Jawaban: Istri hamil

3. Leutik di China, gede di Arab, cik naon?
Jawaban: Hurup A

4. (Gambar sawah + an + kotak)
Jawaban: Kotakan Sawah

5. Gajah naon anu tulalena pendek???
Jawaban: Gajah Pesek

6. Kuring teu boga jangjang, tapi bisa hiber... teu boga indung, tapi disebat anak. Boga buntut, oge huluan. Buntut kuring pendek, kadang oge buluan. Buntut kuring sok diceukeulan ku jelema nu keur ngintip-ngintip. Naon tah?
Jawaban: Anak panah

7. Nu palsu laku, ari nu asli teu laku. Cik naon???
Jawaban: Huntu palsu

8. Kuring reueus jadi 6 9 26 13 20 8 6 13 23 26. Rumus a=26, 1=z.
Jawaban: Urang Sunda

9. Bis naon lamun didiukan nyeuri???
Jawaban: Bisul

10. Mun gajah jadi hayam, maung jadi hayam, ucing jadi hayam, terus hayam jadi naon???
Jawaban: Jadi loba
11. bi + ngan + sa + lu
Jawaban: Sabilulungan

12. (Gambar Lampu Setopan)
Jawaban: Kuring Kerang Kerung

13. Saha nu motongan buuk hampir tiap poe... tapi teu beak-beak buukna???
Jawaban: Tukang Cukur

14. Jalma naon lamun ngojay terus teuleum, tapi buukna teu baseuh???
Jawaban: Jalma Botak

15. Naon sinonim tina kata bangor anu mimiti hurupna sarua hurup b???
Jawaban: Badeur

15. (Gambar)
Jawaban: Jawa Barat

16. Saha jalma anu hasil karyana sok ditincak-tincak ku batur, tapi teu ngambeuk ???
Jawaban: Tukang Nyieun Sendal

17. Jalan asupna ngagunakan hiji liang gede, saangeus asup kabagi jadi 5 jalur, jeung euweuh jalan kaluar... salianti jalan na mundur. Naon tah?
Jawaban: Sarung Tangan

18. Cik aya sabaraha hiji warna hejo?
Jawaban: Sapuluh

19. 4. yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokokna paroek jeng loba begal.
      5. Lamun aya jalma peting-peting liwat kadinya ceuk beja sok dicegat garong/begal.
      2. Jaman baheula dihiji tempat.
      1. Lamun henteu diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
      6. Kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya.
      3. Pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong.
Jawaban: 264531

20. Gambar TV, Rusa + K (Gambar)
Jawaban: TV Rusak
21. Teangan Jalan, Kumpulkeun Hurup (Gambar)
Jawaban: Bahasa Sunda

22. Naon nu kabaca? (Gambar)
Jawaban: Lift

23. Cik naon anu sok naek-turun di handapeun bujal?
Jawaban: Sleting

24. Cik teraskeun ieu Papatah Kolot, ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah....
Jawaban: Micarek

25. Manehna ngagaduhan seeur waos, mun ngegel teu karasa nyeuri, malahan mah raos, karesepna ngagesek-gesek, manehna oge resep ngeunteng kana kaca. Cik naon tah?
Jawaban: Sisir

26. Aya beus Jakarta-Bandung ngamuat 32 orang, taripna 100rb/orang. Saatos diitung-itung... artos nu kakumpul teh totalna kur 3 juta. Cik saha nu can mayar?
Jawaban: Supir jeung Kenek

27. Nu ngajieuna teu butuh, nu meulina teu make, nu makena teu pesen. Naon tah???
Jawaban: Batu Nisan

28. Ular, Bis, Kucing (Gambar)
Jawaban: Bucat Bisul

29. Di Maribaya manehna kungsi nyarita ceunah asih ngarandakah jeung deudeuhna najan angin nu lirih leuih datangna arek langgeng manehna neundeun cintana di Maribaya manehna serah teuteupan ....... nyuuh pasrah renghap satekadan. (Eusian titik-titik koneng di luhur.)
Jawaban: Nyukcruk

30. Mun dikocok bodasna henteu kaluar, tapi mun dipencet mah kaluar. Naon tah?
Jawaban: Odol
31. Cik susun jadi kata nu dimaksud, saluyu jeung gambar (kereta, parasut, dasi)
Jawaban: Tarasi

32. Mun di jero imah awet, tapi mun di luar imah jadi abu. Cik naon tah???
Jawaban: Rokok

33. Buleud, warnaan, gendut... mun hitut jadi begang ???
Jawaban: Balon

34. (Gambar)
Jawaban: Kadaharan Sato

35. Biasana warna na hideung. Tapi tiap 7 poe sakali manehna robah warna jadi beureum. Cik naon tah.
Jawaban: Kalender

36. Budak nu teu nurut ka kolot disebut naon ??? (tanya ka kolot anjeun)
Jawaban: Basangkal

37. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok. Tai cak-cak ninggang huntu lila-lila mah .... (eusian titik-titik di lluhur anu pas merenah).
Jawaban: Dilebok

38. (Gambar botol sirup + sa + ayunan)
Jawaban: Hirup Sauyunan

39. Dibuka kulitna aya sikian jeung buluan, digegel sikina aya batangan. Naon tah ???
Jawaban: Jagong

40. Tebak gambar = mobil + tutut (tu=bu)
Jawaban: Mobil Butut
41. Mun kotak dibalik jadi naon ???
Jawaban: Katok

42. Cik naon nu kabaca dina gambar di gigir ??? (Gambar)
Jawaban: Liar

43. (Gambar yang harus dilihat dengan cermin)
Jawaban: Laleur Mapay Areuy

44. Itu kusir bangun ambek-ambek teuing, turun tina delman kuda dipecutan tarik teu aya pisan ras-rasan. Pupuh naon?
Jawaban: Maskumambang

45. (Gambar)
Jawaban: Hayang Kawin

46, Waktu hirup dinyanyian pas paeh dikeprokan. Naon tah ???
Jawaban: Lilin Ulang Taun

47. Lamun 4 hurup kuring teh dahareun, nu asalna ti laut terus digaringkeun. Mun 3 hurup kuring aya hubungana jeung ibu-ibu nu nyusuan. Mun 2 hurup kuring jadi singkatan ngaran salah sahiji negara. Mun sahurup kuring kaasup hurup vokal.
Jawaban: Asin

48. (Gambar)
Jawaban: Jurig Jarian

49. Uding kenging hadiah ti babaturan lamina pas maneh na ulang taun.
Tapi pas ditarima eta hadiahna langsung ditajong. Kira-kira naon eusi hadiahna ???
Jawaban: Bal Sepak

Kode Kanggo Lebet ka Lepel 3: tarsunmodern

(Bersambung)

Postingan Terbaru


Komentar

Rekomendasi